- Dupi saum eta genap syarat-syaratna
Islam, Tamyiz , Suci Haid sareng Nifasna
- Opat niat saum fardlu ti wengina
Wajibna teh anggoeun saban dinteunna
- Unggal niat saum fardlu romdlon
Nawaitu sauma ghodin an fardli romdlon
- Lima nahan tinu matak ngabatalkeun
Ti fajar dugi ka sasurup wayahanakeun
- Dupi nu ka genep manjing waktosna
Atawa wujud sabab saum fardluna
ANU NGABATALKEUN KANA PUASA
- Sapuluh nu matak ngabatalkeunnana
hiji ain dunia kumargi lebetna
upami tina mapad kana lebetna
- Sarang ngahaja utah kadua na
sanaos teu balik deui kana jaopna
- Sareng ngahaja jima nu katiluna
sanaos teu sareng metu manina
- Sareng ngabijilkeun mani kaopatna
sanaos teu kalawan jima bijilna
- Sareng deui gelo anu kalimana
sanaos kalintang sakedap gelona
- Sareng deui kalenger anu ka genepna
ti kawit fajar dugi ka suruf na
- Dupi anu ngabatalkeun katujuhna
eta bobor sateu acan nyata suruf na
- Sareng deui murtad anu kadalapan na
tina murtad ka Alloh nuwun raksana
- Kadongkapan hed nifas nu ka salapan na
sanaos bada alaqoh mudghoh bijilna
- Sareng deui babar anu ka sapuluhna
sanaos teu dibarengan baseuh babarna
- Sing saha ngahaja bobor sasih romdlon
atawa hilap niat wengi romdlon
- maka keuna wajib imsyak ka anjeunna
saban saban dina sakantun dinteunna
- kitu deui ka jalma nu yakin romdlon
poe katilupuluhna bulan sya’ban
- henteu ngabatalkeun saum lebet ain
kana jaof mun ti surga eta ain
- atawana dipaksa atawa poho
deui istimna jima’ ku tuang bojo
- teu batal ku reuhak lebet kana jaof
kusorangan teu karep nu boga jaof
- deui henteu batal make sifat mata
atawa diubar sabab nyeri mata
- najan aya rasa sifat tawa obat
dina tikorohenteu jadi mudhorot
- deui teu batal asupna laleur reungit
kebul jalan kebul tipung tawa leuit
- hanteu batal ku neureuy ciduh sorangan
anu tacan kaluar ti patempatan
- teu batal ku kalepasan ngingsreuk cai
kekemu teu mubalaghoh kana cait
- hanteu batal ku sare sapoe jeput
ti subuh tepi ka maghrib hanteu emut
- pingsan kalengger nu kurang ti sapoe
hanteu ngabatalkeun saum eta oge
- disyaratkeun make niat nu biasa
ti peutingna niat kaula puasa
- hanteu batal ku diserot ku dipatik
kudi ala getih atawa ku disuntik
- hanteu sah puasa di poe lebaran
idul fitri idul adha sami mawon
- deui hanteu sah dina poe tasyriki
oge teu sah puasana poe syakki
- puasa ti genep belas bulan sya’ban
jaba ngodlowan fardlu tawa romadlon
- atawa puasa bae geus biasa
tawa disambung reujeung lima belas
- haram kanu saum nyium rarangkulan
pami robah syahwatna kukikituan
- sareng sunat kanu saum enggal bobor
sareng pami ringan ku korma bobor
- pami susah ku naon bae anu amis
teu di baker teu ayamah cai tiis
- ari tuang saur sunat diakhirkeun
hadas ageing memeh fajar dileungitkeun
- sunat neyurkeun du’a langkung utami
waktos bobor ngadu’a anu sugemi
- kedah seueur ngaos qur’an jeung sidekah
salamina romdlon nyeueurkeun barokah
- malah mandar hasil lailatul qodar
hususiat umat Muhammad nu sadar
- seueur amal kahadean lankung sae
batan tilupuluh rebu nu sarae
- makruh dipatik diserot disuntikan
ngaheumheum ngarasaan kadaharan
- ngantekkeun ngingsreuk cai eujeung kekemu
nyium nalika syahwat hanteu katimu
- anu saum ku tambah tambah sae
ngajauhan kahayangna naon bae
- tetenjoan reureungeuan aangseuan
cacabakan ti tincakan kadaharan
- sumawona bohong ngupat ngadu-ngadu
pasea pacogreg ngadu hayam adu
- ari anu pikun anu gering ripuh
teu puasa dina romdlon kudu tempuh
- saban poe sa emud dipidyahan
teu wajib puasa teu wajib ngodoan
- anu hed nu nifas eta diwajibkeun
buka tapi wajib dikodokeun
- nu keur nyaba jauh nyaba anu wenang
bukana diperjalanan eta wenang
- najan manehna kuat kana puasa
tapi lamun teu ripuh alus puasa
- ari anu gering hanteu meunang buka
kajaba mun tambah ripuh mun puasa
- nu keureuneuh nu nyusuan lamun soak
madlorot kamanehna tawa kabudak
- maka menang buka tapi wajib qodo
nu nyaba nu gering wajib qodo
- sing saha nu buka teu kalawan uzur
wajib qodo teu menang diundur-undur
- tapi lamun sabab uzur nu kasebut
qodona antara hanteu gesat-gesut
- tapi alusna mah buru-buru bae
enggal kana kasaen eta sae
- sing saha nu tinggal saum sasih romdlon
margi ku rupi rupi wagelan
- tuluy maot dina satacana imkan
ngodowan nu tinggal tina sasih romdlon
- kanu kitu hanteu wajib naon-naon
teu wajib midyahan teu wajib ngodoan
- lamun maotna eta saba’da imkan
wajib dikowan tawa dipidyahan
- diqodowan ku walina di pidyahan
sapoe sa emud ngalih kakuatan
- kajaba ku uzur hanteu imkan qodo
mun qodo ngalengkahan mah wajib denda
- ngalengkhan saromadlon sapoena
samud beas ditambah reujeung qodona
- ngalengkahan dua romdlon dua emud
kitu bae saterusna bilangan mud
- anu reuneuh nu nyusuan buka ngarah
ngabelaan orok kudu make fidyah
- ari qodlo saum romdlon eta ulah
ngelengkahan romdlon deui eta salah
Dicutat tina seratan Alm . KH . ABU HAMID YAHYA ra. Ponpes Darus Surur Cibodas
Tidak ada komentar:
Posting Komentar